Wayang Golek GH2 Seta Gugur (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya

  Рет қаралды 15,117

Akoer Lah

Akoer Lah

Күн бұрын

Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
SINOPSIS SETA GUGUR
Arya Séta téh putrana Prabu Maswapati ti Karajaan Wirata. Séta hartina bodas. Dina carita Mahabharata kulit Séta téh bodas. Arya Séta boga adi nyaéta Arya Utara, Arya Wratsangka jeung Déwi Utari nu dipigarwa ku Radén Abimanyu. Arya Séta boga ajian Narantaka nu diwariskeun ka Gatotkaca.
Lalakon Séta Gugur minangka perang munggaran dina Baratayuda antara pihak Pandawa jeung Kurawa. Dina perang ieu, Karajaan Wirata ngadukung Pandawa. Dina babak kahiji perang dimimitian, Batara Kresna ngangkat Senopati Agung nyaéta Arya Séta. Dibantuan ku adina Arya Utara ti belah katuhu, sedengkeun ti belah kénca Arya Wratsangka. Pandawa ngagunakeun siasat Brajatisna (senjata nu seukeut), sedengkeun Kurawa ngagunakeun siasat Wukirjaladri (gunung samudra). Nu dipercaya jadi Senopati Agung Kurawa nyaéta Resi Bisma, diaping ku Prabu Salya ti Karajaan Mandaraka nu ngadukung Kurawa jeung Resi Dorna ti Sokalima.
Arya Utara jeung Arya Wratsangka gugur tiheula ku Prabu Salya jeung Resi Dorna. Waktu Arya Séta nyanghareupan Resi Bisma, sabenerna Arya Séta leuwih unggul boh kasaktian atawa tanaga. Ngan Arya Séta ngalakukeun tipu waktu nyanghareupan Arya Rukmarata putrana Prabu Salya waktu Resi Bisma kadéséh ka sisi walungan Gangga. Arya Séta api-api paéh waktu dipanah ku Rukmarata padahal néangan bongoh musuh. Rukmarata gugur ku Arya Séta. Kalakuan Séta kitu dianggapna teu satria ku para déwa. Antukna kasaktian Séta dicabut.
Waktu Resi Bisma kadéséh ku Arya Séta, ngaluarkeun aji bajra halimunan tepi teu katempoeun ku Arya Séta. Bisma antukna meunang bantuan ti éyangna Batara Gangga jeung ti ibuna Déwi Jahnawi. Arya Séta gugur ku senjata Kyai Salukat milik éyangna Resi Bisma. Babak kahiji perang Baratayuda dimeunangkeun ku pihak Kurawa.

Пікірлер: 31
@AkoerLah
@AkoerLah 3 жыл бұрын
Bilih hoyong maos sinopsisna, aya dina deskripsi handapeun judul.
@akiabas6420
@akiabas6420 2 жыл бұрын
Dalang kesukaanku,ingat saat di SLA tahun 71 ,nonton sampai pagi,lakon Kumbakarna gugur.Disekolah ketiduran.
@iim-ts6rr
@iim-ts6rr Жыл бұрын
Ageum suanteunna ,,,ngahandaruan almarhum kang haji Ade Kosasih mah
@solihinihin5366
@solihinihin5366 3 жыл бұрын
Mantap bgt
@cececc691
@cececc691 3 жыл бұрын
Alhamdulillah hatur nuhun kang katampi pisan diantos carios nusanesna
@sujangsujana7329
@sujangsujana7329 3 ай бұрын
Kumbakarna gugur teu acan aya versi bp dalang kh ade Kosasih Sunarya 🙏
@imammuhamad393
@imammuhamad393 3 жыл бұрын
Alhamdulillah hatur nuhun kang
@undangsutardja9546
@undangsutardja9546 3 жыл бұрын
Hatur nuhun kang katampi lalakon lawas diantos anu sanesna
@ayungfreeyork1596
@ayungfreeyork1596 2 жыл бұрын
Bade request lakon "Seta gugur merangkap bisma gugur" mun teu salah dalang na Dede Amung.. Hatur nuhun ka admin..
@yansunarya3657
@yansunarya3657 3 жыл бұрын
Bade reques judulna GATOT KACA SEWU ..ti Bp KH.Ade k Sunarya....# Hurip SUNDA GIRI HARJA....amin ya rob....
@AkoerLah
@AkoerLah 3 жыл бұрын
Muhun engkin kapayunna diaplod.
@herygoo6433
@herygoo6433 3 жыл бұрын
Akoer lah ,, htr nhn kang katampi psn ,, ieu dalang paporit moal aya gentosna no hiji kh ade k sunarya
@rnggaaditya8522
@rnggaaditya8522 3 жыл бұрын
Kang hyong karna tanding ti GH2 hatur nuhun
@AkoerLah
@AkoerLah 3 жыл бұрын
Tos diaplod lalakon eta mah, tos lami.
@sanjaya3035
@sanjaya3035 3 жыл бұрын
Lalakon anu diantos antos. Hatur nuhun kang Diantos deui seri bratayudha ti pa H. Ade Kosasih
@syarifhidayat4615
@syarifhidayat4615 3 жыл бұрын
Arya Seta, jago ti Wirata... guruna Gatot Kaca nu ngawariskeun ajian narantaka ka Gatot Kaca
@rahmatahmad386
@rahmatahmad386 3 жыл бұрын
waas suanten pa ade k👍
@yanacaryana6364
@yanacaryana6364 3 жыл бұрын
👍👍👍
@pakeka6175
@pakeka6175 3 жыл бұрын
Alhamdulillaah kengeng anu ieu.
@abieandriana8905
@abieandriana8905 3 жыл бұрын
Wah ieu lalakon anu nuju di pilari teh kang👍👍
@daarulmunawwir7118
@daarulmunawwir7118 3 жыл бұрын
Dawala gugat kang . Nuhun dewa nur cahya na
@kangdafva8878
@kangdafva8878 3 жыл бұрын
Kumbakarna gugur sadayana dalang na ku alm abah ade
@AkoerLah
@AkoerLah 3 жыл бұрын
Kumbakarna Gugur teh kedah diedit deui audiona, rada awon. Mun tos sae mah bade diaplod.
@kangdafva8878
@kangdafva8878 3 жыл бұрын
Di antos....
@susantimoris
@susantimoris 3 жыл бұрын
Punten Ari prabu Ekalaya gugur Aya anu terasana,, NU ka 2 ??
@kangdafva8878
@kangdafva8878 3 жыл бұрын
Pidangkeun Salya gugur,dorna gugur
@AkoerLah
@AkoerLah 3 жыл бұрын
Salya Guguru teh bagean kaset katiluna reksak, mung aya kaset 1 & 2.
@kangdafva8878
@kangdafva8878 3 жыл бұрын
Aduuuh
@denprimaaditiar1216
@denprimaaditiar1216 Жыл бұрын
42:00
@irawanahmad8995
@irawanahmad8995 3 жыл бұрын
Manawi Aya kang.., lakon Prabu Ekalaya...?
@AkoerLah
@AkoerLah 3 жыл бұрын
@irawan ahmad : Kaleresan aya, engke kapayun diaplod.
KAKS - PRABU SALYA GUGUR (FULL) - Giri Harja 2
2:55:24
Balereot Channel
Рет қаралды 20 М.
Lucu Pisan - Gatotkaca Dititah Nyanyi Lagu JAYANTI Kusi Cepot
40:00
小丑家的感情危机!#小丑#天使#家庭
00:15
家庭搞笑日记
Рет қаралды 32 МЛН
А что бы ты сделал? @LimbLossBoss
00:17
История одного вокалиста
Рет қаралды 9 МЛН
🔴LIVE LAKON :  || GIRIHARJA 3 PUTRA - YOGASWARA SUNANDAR | 18/10/24 #gh3p
Giri Harja 3 Putra Channel
Рет қаралды 3,4 М.
Ade Kosasih Sunarya - Sanghyang Dewa Nanaon
3:44:00
Hate Sunda
Рет қаралды 8 М.
По следу Тигра (Югославия, 1969)
1:37:31
Старые военные фильмы
Рет қаралды 4,2 МЛН
Sejarah kenapa orang YAHUDI benci ARAB - ustaz auni
11:08
Meet My Malaysians
Рет қаралды 35 М.
Wayang Golek GH2 Sutijah Gugur (Audio Kaset) - Ade Kosasih Sunarya
3:40:49
KAKS - PANDITA ANOM DAWALA (FULL) - Giri Harja 2
2:44:08
Balereot Channel
Рет қаралды 32 М.
Best funny moment 😆#shorts
0:30
Funny TV
Рет қаралды 7 МЛН
ГОЛУБЫЕ ГЛАЗКИ РОЗОВЫЕ ЩЁЧКИ#cat
0:20
Лайки Like
Рет қаралды 1,9 МЛН
ToRung comedy: who is taller?😂
0:58
ToRung
Рет қаралды 17 МЛН
本来想救他一命,终究还是没躲掉
0:36
侠客红尘
Рет қаралды 13 МЛН
Siblings compete
0:20
Adhemz
Рет қаралды 7 МЛН