Sajak yang berjdul Lalaki nu Balik Jurit Karya Rachmat M. Sas. Karana yang dibawakan Saudara Rajeb merupakan peserta Pasanggiri Maca Sajak tingkat SMP se-kota Depok.
LALAKI NU BALIK JURIT Yaksana : Rachmat M. Sas Karana Wanci layung hurung konéng manéhna datang leungeunna euweuh sapotong bedil nyoléngkrang ‘na tonggong pélor ngabérés handapeun cangkéng Hiji lalaki bajuna héjo kapulas taneuh di pangperangan taya pikeun nyeuseuh sakiceup waktu ngingintip langahna musuh mun manéhna masih kénéh embung paéh Lebah pager imahna manéhna ngarandeg heula uteukna nyarita mépés kanyeuri nu baris tumiba “Ema, kuring untung bisa mulang sedeng mitra réa nu palastra dihiji taneuh nu direbut ditebus getih” Panto hareup ngarét aya nu muka hiji wanoja anu geus aya umurna ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng cimata indung maseuhan buuk anakna Hiji lalaki bajuna kapulas taneuh wanci layung hurung konéng manêhna datang dipapag cimata indung sedeng ‘na beungeutna taya gambar rasa tugenah.