Tembang Sunda Cianjuran Jemplang Cidadap, Muara Beres, Kaleran - Rosyanti

  Рет қаралды 33,862

Akoer Lah

Akoer Lah

Күн бұрын

Tema : Upaya pelestarian kesenian tradisional rakyat Jawa Barat melalui media sosial.
Jemplang Cidadap
Lagam: Cianjuran
Laras: Pélog Degung
Wanda: Jejemplangan
Nyukcruk parung meulah bantar
Birit leuwi peupeuntasan
Malik nanya ka sorangan
Duh diri kumaha teuing
Lamun kieu saterasna
Samar bisa pulih deui
Kaya kieu mah diri
Langkung saé pondok umur
Najan awét rumingkang
Di dunya ka heurin-heurin
Aduh ampun horéng kieu karasana.
Hayam cempa lalayaran
Nyeri teuing pikir abdi
Ka sintu saba buruan
Mikahyang sanés tanding
Beas ditutu deui
Iraha bisa patepung
Pancuran luhureun jalan
Talangsara diri abdi
Emas ancur sakieu nya karipuhan.
Hayang ceurik jejeritan
Sing tarik maratan langit
Cua ku polah sorangan
Sok hayang nu lain tanding
Sakapeung abdi mikir
Rék guguru élmu ngapung
Si pengkuh tangtu tiwas
Dijingjing diguwang-gawing
Rék diteundeun dina méga pangluhurna.

Пікірлер: 18
@yudhapradana8334
@yudhapradana8334 3 жыл бұрын
Punten bade tumaros, naha aya generasi salajengna nu ,,kaliber,, na sareng teh Rosyanti. Hatur nuhun.
@hannabastaman
@hannabastaman 6 жыл бұрын
Dina postingan ieu, titincakan sareng perbawa soanten Neng Eros estu khas cianjuran. Kitu deui penghayatanana. Duka kualitas mamaosna ayeuna, taun 2018. Mugi-mugi bae sanaos tos 6 taun kapengker teu robih malah mugi beuki sae. Cepeng sing pageuh titincakan cianjur, Neng Eros, tong kabita ku wanda-wanda sanesna sanaos sami endahna, maksad teh sami mibanda kaendahan sewang-sewangan. Wilujeng......
@ipannugraha615
@ipannugraha615 3 жыл бұрын
Haturnuhun pisan tos di upload sareng Rumpaka na 🙏🙏🙏
@rachmathd9981
@rachmathd9981 8 жыл бұрын
Waas emut waktos alit di Banjar(pemkot),mugi2 kasenian urang tiasa lestari dugi ka akhir jaman, aamiin ya rabbal alamin,,
@mamahdasimah25
@mamahdasimah25 2 жыл бұрын
Wilujeng giring bingah mani mantaap neng mugi sukses teras
@yuniarwelder5995
@yuniarwelder5995 3 жыл бұрын
Seni buhun urang sunda asli
@yudhapradana8334
@yudhapradana8334 3 жыл бұрын
Hujan ngaririncik nambah khidmat, di barengan ku haleuang juru mamaos ibu Rosyanti, punah asa teu boga hutaangg....
@asephambali1228
@asephambali1228 4 жыл бұрын
Sampurasun, Abah di Jagabaya oge hadir. Nyanggakeun Salam Silaturrahmi ka sadaya dulur2 urang Sunda anu mikacinta Seni Budaya Sunda Cianjuran, Muga2 Hurip Sunda.
@AkoerLah
@AkoerLah 4 жыл бұрын
Rampés. Nuhun.
@ukatsukatma2135
@ukatsukatma2135 4 жыл бұрын
Nuhun ka anu terus barjuang ngalastarikeun warisan seni karuhun. Kedah aya wadah kanggo nyitak generasi panerus. Mangga nyanggakeun ka para seniman sareng panguasa tatar sunda. Ulah diengke engke.
@kurniawankurnia3658
@kurniawankurnia3658 8 жыл бұрын
sok emut sareng waraas kanu waktos kapungkur .meni reues tur bangga .kusaha sareng kamana seni sunda .jaman kiwari....??
@ruhimatmulyadi3864
@ruhimatmulyadi3864 4 жыл бұрын
Sim kuring mah sok leukeun nitenan rumpaka dina tembang seni Sunda, utamina dina winangun kacapi suling Cianjuran. Diilo, diteuteup, di tengetan kamana sareng kumaha loyogna. Gorehel...... jelas atra, yen rumpaka sanggian para inohong Sunda teh, ngabogaan harti anu jero!!!.
@iipsyarif1319
@iipsyarif1319 5 жыл бұрын
Akourlah soundnya mantap bersih tur eces pisan
@AkoerLah
@AkoerLah 5 жыл бұрын
Muhun, kawitna tina dvd.
@dadangdisa8709
@dadangdisa8709 4 жыл бұрын
soanteunna sae halimpu apik pisan.
@ruhimatmulyadi3864
@ruhimatmulyadi3864 3 жыл бұрын
jejer : "Tarekah ngamumule seni tembang Sunda". Tah eta anu matak kataji teh. Reueus sareng bagja wireh aya terah getih Sunda anu masih mikanyaah, mikaheman, mikadeudeuh tititnggal ti Nini-Aki, warisan para karuhun!
@johndepp9766
@johndepp9766 4 жыл бұрын
ieu mah nomer wahid brooo.
@MuhammadYusuf-uh9is
@MuhammadYusuf-uh9is 2 жыл бұрын
Sarasa Aya di surga lamun TOS terang surga mani asa Bagja gagaduhan seni Sunda cianjuran kanggo pang liput nanah
TEMBANG CIANJURAN al Thawaf MANDALUNGAN
29:31
Kos Warnika
Рет қаралды 7 М.
哈哈大家为了进去也是想尽办法!#火影忍者 #佐助 #家庭
00:33
火影忍者一家
Рет қаралды 105 МЛН
Don't look down on anyone#devil  #lilith  #funny  #shorts
00:12
Devil Lilith
Рет қаралды 40 МЛН
Which One Is The Best - From Small To Giant #katebrush #shorts
00:17
Tembang sunda cianjuran
57:00
Elan Herdian
Рет қаралды 179 М.
Langit Bengras
7:16
Ida Rosida Koswara ft. Yus Wiradireja - Topic
Рет қаралды 1,7 М.
live shooting CianjuranTVRI jabar
3:05
Doddy Bossa Channel
Рет қаралды 352
Jemplang Leumpang Muara Beres
8:19
L.S. Langgeng Asih - Topic
Рет қаралды 12 М.
Manintin
7:01
Tati Saleh - Topic
Рет қаралды 1,1 М.
Tembang Cianjuran Nyawang Asih & Kutamaya - Euis Komariah
9:18
Akoer Lah
Рет қаралды 125 М.
Tembang Sunda Cianjuran - Sekar Wiwitan - Pangling  (Official Music Video)
9:23
哈哈大家为了进去也是想尽办法!#火影忍者 #佐助 #家庭
00:33
火影忍者一家
Рет қаралды 105 МЛН