Рет қаралды 9,531
Tema : Upaya pelestarian kesenian wayang golek melalui media sosial.
Rupina ka nu tos sarepuh nu micinta seni Sunda, moal bireuk deui ka nami sindén legéndaris Titim Fatimah nu kawéntar taun 1960-1970 an. Kawéntar ku haleuang "daweung oray"na nu sok diula-ileu. Anapon grup gamelanna nyaéta Bhineka Tunggal Ika nu dipasrahkeun dipingpin ku Inen Saputra. Dina kasempetan ieu, Bu Titim Fatimah ngajak gawé bareng sareng dalang kasepuhan Rd. Tjakra Hudaja ngayakeun rékaman di studio. Mung rupina pikeun "penggemar berat" wayang golék ti kalangan milenial pasti ngarumas mun ngadangukeun wayang golék genre buhun ieu.
Sedengkeun carita ngeunaan Wisanggeni Lahir rupina tos pada arapal, ngadangukeun pedaran ti dalang sanés, da inti caritana mah sami waé. Nyaéta ngeunaan Wisanggeni putra Adipati Arjuna ti bojo nu asalna ti kahiangan, Déwi Dresanala. Ngan masalahna Dipati Arjuna can apaleun ka putrana nu ditinggalkeun ti kahiangan sawaktu Déwi Dresanala kakandungan. Di pihak séjén, Prabu Anom Dewasrani, putrana Déwi Durga (atawa aya nu sok nyebat Gedéng Permoni) kapicangcam kapentang asmara hayang migarwa Déwi Dresanala. Tapi pamaksudan Déwasrani hayang migarwa Déwi Dresanala gagal sabab aya Wisanggeni nu bajuang ngabéla indungna. Nu saterusna rek nepungkeun indungna jeun bapana, Arjuna.
Carios lengkepna, mangga wé bandungan dugi ka réngsé. Cag.